Sabtu, 13 September 2008

Darmaji....

Darmaji...

Lain mang rupakeun ngaran hiji jalma, tapi ieu estuning singkatan barudak sakola baheula mun pas keur jarajan di warung jero sakola, Darmaji nyaeta Dahar Lima ngaku Hiji tea minangka na mah, da bari jeung enya na deuih lain ngan sa ukur catur...teuing pedah keur jaman jaman na barengal barudak teh ampir rata rata pernah ngalakukeun darmaji.

Dalah kuring ge pernah malah sering jiga na mah ngalakukeun lampah kitu teh, biasana mah mun keur cekak alias boke. Anu biasa jadi sasaran na teh geus matuh di warung na si Ema ( mun ceuk si Kang Imam Bloom /LA mah warung Markonah) anu dagang bala bala jeung kadaharan kampung, atawa di si Emang Bajigur.



Memang eta ge teu salilana kitu kuring jeung barudak teh, tempo kuring geus boga deui duit mah sok dibayar isukna, si Ema jeung si Emang Bajigur geus surti deui kana polah barudak model kitu teh, jeung ku jalaran sering teu boga duitna, maranehna ( nu dagang ) kadon sok nawaran nganjuk tempo tempo ngadon sok nawaran haratis oge he he he...

Ngan nyaeta laku lampah baheula saperti kitu teh memang keur mangsana jiga kitu jiga na mah, kaduhung, karunya jeung inget kana dosa na mah ayeuna euy...da mun heug bisa panggih deui jeung maranehna kuring mah erek ngalunasan weh bisi aya keneh anu can kabayar.



Mmmmh....Ema...Emang hampura nya....

Lain kuring tega dina mangsa harita...ngan situasina harita mah nyaan kapeped ku ka ayaan nu werit, Heu euh atu da rek teu nyukupan ge pantes mun apal kana ka ayaan kolot kuring harita...kadang indit sakola ge ngengklak weh mapay jalan Arjuna bras ka Ciroyom.



Ngan kuring mah rek peupeujeuh weh ka baraya sadayana, mun heug apal ka alamatna si Ema (Markonah) jeung si Emang Bajigur pang bejaan keun kuring...teu genah euy mamawa dosa anu geus lila, Hampura nya Ma...Mang....

Tidak ada komentar: